Wednesday, May 19, 2010

Deudeuh Teuing Ema, Bapa....

Tadi isuk adi nga-sms, mere beja nu matak nalangsa. "A, abi UAS dinten senen, kedah mayar 600 rebu. Telepon sareng listrik oge teu acan mayar, mangkaning tos kaping 20. Bapa teu acan damel, da masih teu damang, malih mah kanggo meser beas oge tos teu aya pisan..." MasyaAlloh...Duh Gusti...

Asa beuki karasa beurat, kudu ngabiayaan adi nu sakola jeung kuliah bari nutup pangabutuh kulawarga, kolot jeung adi sapopoe. Teu, saeutik ge teu ngarasa kaduhung pedah diri nu kudu nanggung sagala rupana. Niat karna Alloh, da saha jelemana nu teu boga kahayang ngabungahkeun nu jadi indung bapa. Meureun ieu jalanna, meureun ieu carana Pangeran mere lolongkrang pikeun aing babakti.

Duh Gusti...paparin abdi kakiatan. Paparin ibu rama abdi kasehatan sareng katingtriman.