Friday, November 03, 2006

ibu

Berita hari ini, kompas (4/11). Ratusan muslimah palestina menjadi perisai hidup para pejuang palestina yg tersudut di dalam mesjid. Dua orang syahid di tempat dan puluhan lainnya menderita luka tembak.

kau songsong moncong senapan dan tank dengan dadamu
kau sambut terjangan peluru dengan kepalan tanganmu
teriak takbir hantar ruh jihadmu
kepak sayap malaikat hantar engkau ke syurga-Nya

Tuesday, October 31, 2006

pileuleuyan ramadhan

Alhamdulillah, teu karasa bulan ramadhan geus ninggalkeun urang. Mugia sagala amal ibadah urang sajero ning bulan ramadhan kamari katampi ku Mantenna. DIjadikeun amal kahadean nu bakal marengan urang jaga di yaumil kubur.
Kacida kurangna mun dirarasakeun mah amalan-amalan nu bisa kagawean salila ramadhan kamari teh. Puasana teu jucung, tarawehna loba nu kaliwat, tadarusna teu rengse, jeung masih we diri teh migawe lampah nu jelas-jelas mangrupakeun dosa.
Mugia Gusti nu Maha Suci masih keneh maparinan kasempetan ka kuring pikeun ngarasakeun deui ramadhan taun payun. Mudah-mudahan dina ramadhan payun mah bisa langkung ngamanfaatkeun kasempetan pikeun ngadeuheus ka Mantenna, neda pangampura tina sagala dosa. Amiin

Wilujeng boboran syiam 1427 H

Pileuleuyan Ramadhan, mudah-mudahan urang paamprok deui.

Monday, October 30, 2006

catetan mudik okt, 2006

AYA

Aya nu nyeredet jeroeun dada saban liwat palebah dinya. Sakapeung ngarasa bungah tur bagja nepi ka seuri sorangan. Ari mimindengna mah kanyeri turta kahanjakal nu montel pageuh minuhan dada. Asa ngabegegel dina hulu angen. Eungap. Kudu we ngarenghap jero sangkan ngurangan bangbaluh na jero ati.

Lebah dinya baheula kuring teu weleh turun tina elf mun rek muru ka imah anjeun. Boh ti kulon atawa ti wetan. Ti kulon mun balik gawe, ti wetan mun mangkat ti imah kolot. Sok sanajan ti lebah dinya jugjugeun jauh keneh, tapi hate mah geus bungangang kacida kusabab teu lila deui bakal panggih jeung anjeun. Kembang hate kuring. Turun tina elf kuring langsung menta pangjajap tukang ojeg muru Cukang Akar, padumukan anjeun. Tara tatawar deui menta sabaraha oge, nu penting bisa geura tepi ka anjeun...emmhh...

Aya, aya keneh sagala ingetan ngeunaan anjeun. Inget keneh sabaraha lobana pengkolan nu kudu kasorang memeh anjog ka anjeun. Natrat atra dina kongkolak mata sagala rupa kaayaan di imah anjeun. Pagerna, tepasna, pantona, karpetna, korsina, lomarina, tempat sarena, tempat daharna tug nepi ka angseu rohangan-rohangan di imah anjeun tetep anteb dina hate kuring.

Aya keneh, malah mah lengkep keneh kacida sagala obrolan jeung kalakuan urang duaan saban nyolong-nyolong kasempetan mun pareng paduduaan. Aya keneh, gamblang keneh nyarina imut anjeun, halimpuna sora anjeun dina hate kuring. Karasa keneh haneutna awak anjeun mangsa urang silih tangkeup, silih tamplokeun kasuka.

Emh geulis...anjeun mah tangtuna geus tenang, kantun hagetna ngawulaan nu janten caroge. Tangtosna tos teu kedah isin-isin mun nuju hoyong diogo. Bagja anjeun geulis. Sok sing tumaninah. Kuring ngan ukur bisa ngajurung ku du'a, sangkan anjeun salawasna pinanggih jeung kabagjaan, dijauhkeun, disinglar tina sagala kahariwang anjeun nu baheula jadi cukang pegatna kadeudeuh urang.
Wilujeng geulis.
Poto anjeun aya keneh.
Warung Bandrek beuki rame, angger jadi pangeureunan elf. Nu ti kulon nu ti wetan.


kahatur kanu geulis di cibatu.

Friday, October 20, 2006

zaman riweuh...(sing tarik lumpat, sing buni nyumput)

naha geuning dunya teh asa beuki aheng nya?coba we tingali,alam beuki galak,mun halodo...gariiiing pisan, mun usum ngijih pasti banjir dimana-mana. Kunaon nya???laut beuki motah, lini asa beuki mindeng, gunung loba nu araktif, jeung nu panganyarna mah nyeta, leutak bijil tina beuteung bumi nepi ka nyilemkeun sababaraha desa di sidoarjo. Aya naon nya???ujian atawa siksaan ieu teh???
kahirupan manusa oge geuning asa beuki araneh wae...aya salaki tega ngaduruk pamajikanna, aya indung tega maehan anak2na, aya bapa ngagadabah kahormatan anakna...Duh Gusti...kunaon beut jadi kieu???
mun ningali ketakna para pangawasa asa beuki pikasebeleun, keur mah rek lebaran, hayuuuuuh tukang dagang dirazia, daganganna diubrak abrik, jongkona diruksak diwewejet, naha teu karasaeun kitu ku nu di "sareragam" teh kumaha hese capena nganafakahan kulawarga bari hasil teu sapira. Cik sakali-kali mah ragap dadana, tingali reumbay cipanonna, rasakeun geter degdeg dampal leungeunna nu mun kongang mah pasti hayang sajebet-jebeteun neunggeul jalma-jalma nu sok asa pangaingna jadi leungeun pangawasa. Demi ketertiban cenah, keindahan cenah...penting mana tertib jeung beuteung lapar???penting mana endah jeung ceurik budak nu kahina pedah teu bisa mayar iuran sakola???
Cik malikir KEHED....
kalah jadi lieur jeung keuheul euy...
ah...ayeuna mah nafsi nafsi we, neangan salamet sewang2an...pasti pangeran mah moal kaleungitan Kaadilanna, keun we amang, ibi, ujang, nyai, aki, nini...keun we ayeuna urang dikekesek kunu karawasa, masing sabar, masing iatna tong nepi katewak...sing tarik lumpat, sing pinter nyumput...

Tuesday, October 03, 2006

bapa


waas...
ehh bapa...
mugia bapa salawasna aya dina panangtayungan Alloh Swt
duakeun abdi pa...

rumahuh

teu karasa...geus nincak poe ka sapuluh deui puasa teh. naon atuh beubeunangan tepi ka poe ieu teh???asa can meunang nanaon...dosa asa kalahkah beuki numpuk wae..:( bener kituna mah da aya dina katerangan haditsna yen dina bulan puasa sakabeh setan dikerem dina naraka, tapi naha aing geuning asa angger wae milaku lampah dosa???berarti lain salah2 teuing setan ari kitu mah nya....ngan diri nu can bisa nahan hawa nafsu...ahh sipating manusa mu....teu bisa leupas tina owah gingsir....asal urang tetep inget jeung salawasna nuturkeun laku dosa ku kahadean insyaalloh lila lila mah diri bakalan pinanggih jeung jalan nu bener2 hade....mudah2an...tong lami teuing nya mu....

sok ayeuna mah sing tuhu ngadep mayun ka gusti, penta pangampura mantenna, mudah2an ramadhan ayeuna sing bisa kukumpul amalan saloba-lobana geusan jaga pibekeleun nyanghareupan poe nu pasti bakalan kaliwatan ku sakumna manusa...

Monday, October 02, 2006

kasorenakeun

wanci ngagayuh kasorenakeun, beuteung geus teu pararuguh, kekerebekan wae titadi keneh, geus hayang sa am am eun. keun ah tong jadi aral subaha, da geus kitu kuduna bisi kalahkah tararadud geura. wilujeng ngabuburit ka sadayana....

Bubuka

Bismillah...dikawitan ku nyebat asma Alloh Swt, niat seja diajar, manawi nambihan elmu pangaweruh. Amiin